Babad Dermayu (Babad Carbon II)_Bab II

Bab II
Ringkasan Cerita
 
 
1.       Sinom
Pada pupuh ini disampaikan silsilah, dimulai dari Ngabehi Wirasecapa dari Bagelen. Nama-nama yang disebutkan selanjutnya adalah Pangeran Hadi…, Tumenggung Gagak Pernala, Pringgandipura,  Gagak Wirahandaka, Gagak Kumitir, Gagak Wirakusuma, Gagak Singalodraka, Wangsanagara, Wangsayuda, Wiralodra, Tanujaya, Tanujiwa.
Dikisahkan Wiralodra bertapa agar mendapat kemuliaan. Pada malam Jum’at ia mendapat petunjuk.
 
2.       Kinanti
Petunjuk yang didapat [...]

citangis lemah cai … burakna paku sarakan

hiji mangsa keur jaman budak nepi ka rumaja asa inget keneh nepi ka ayeuna yen nagri urang teh nagri anu beunghar sagala aya, sugih mukti jembar waluya … ngan kari metik jeung ngalana. Baheula dina zaman ‘kastabilan’ jadi dogma pangwangunan asa tengtrem ayem kahirupan sapopoe teh , enya aya pangrasa kurang mah ngan tetep asa [...]

Cimata kuring

: pelog
duh… layung ngempur
titipan kuring ti gunung
ngagalindeng lagu gandrung
Apan eta sora urang
nembangkeun asih kasmaran
apan eta sora urang nu anteng na panineungan
duh … hiliwir angin
ngoyagkeun kembang arusik
ngegeterkeun lelembutan
apan eta batin urang
nu eling silih langlangan
apan eta batin urang
nu sono silih longokan
basa langit geus reupreupan
nu gandrung kasilih liwung
aya renghap rarandegan
harewos halon pisan
nu miang taya raratan
basa peuting simpe jempling
baluweng [...]

Peuting di basisir Balikpapan

Purnama nu ngahibarkeun cahyana anteng sidendang di mega nu paudag-udag
lambak lir jadi eunteung rineka rengkakna, lir anu silih eledan silih merean
aya hiliwir harewos anu katitipan, kuring sono, kuring sono, kuring sono
aya anu lewang nyangkaruk dina lalamping jungkrang hate nu teu ketepi
da rumasa, geus ilang teuing kamana miangna kbarung kasaput lalayon hirup
Ti alak paulna lir kica-kica [...]

Februari … Muru Safar

Wanci teu karasa terus melesat, enya hirupmah lir balebat
“bagea… kembang balebat, ditaman mandala purwa. Naon bacaeun ayeuna, maca beurang ku beurangna, ngaji peuting ku peutingna dereseun na papantunan. Da hirup ngan sakolebat, diudag-udag balebat, ditutur-tutur ku layung ngalungsar diperjalanaaaan….., Naon Bacaeun isukan ?, Saha nu terang”
enya satemena, ari dina lengkah-lengkah hiji manusa anu hirup kumbuh [...]