Posted on Désémber 8th, 2008 ku rakeyan
Ngeusi waktu pareng keur nyalse beberes kaset-kaset heubeul anu pasulangkrah dina laci, aya kaset gupay pileuleuyan, darso baheulaan (lain pop sunda), lutung kasarung anu 6 kaset pulas hejo tea, gorehel teh nimu cover kaset anu rangsak tapi masih eces eta kaset anu dibeuli basa ningali acara damas di Horison sabaraha taun katukang, mun [...]
9 Comments »
Filed under: Dangding galih kawening, Wirahma kecap
Posted on Maret 28th, 2007 ku rakeyan
Diantosan di puseuring angin. Di taman nu narikolot
gédéngeun émpang nu caina soklat; nu air mancurna
tos lawas saat; nu runtahna pabalatak
Â
Diantosan di puseuring batin. Dina buligirna rasa
nu kebat; pagaliwotana dosa nu wungu jeung ketug
jajantung nu ngaharu biru
Â
Diantosan di puseuring kangen. Gédéngeun Isola nu
romantis minuhan angen; randakahna caringin kurung
dina dami; jeung teuteupan nu nganti-nganti
Â
           — Salira tos [...]
2 Comments »
Filed under: Gerentes, Sajakna Chye, Wirahma kecap
Posted on Maret 28th, 2007 ku rakeyan
Mun seug anjeun di dieu. Tungtung kuta tangtu kasaba
Hayang teuing matrikeun peradaban purba dina haté
nu ngarileu sab kaéndahan salilana miyuni kala
Sajarah ukur dongéng nu diayun-ambing biwir garing
Mun seug anjeun di dieu. Bakal karampa haté-haté
nu raca nyangkaruk di pilemburan rumasuk dina
héab kalamangsa. Diri nu bolostrong diajénan
sapuruluk kencring nu dianggit dina jurit idéologi
zénding. Taya [...]
No Comments »
Filed under: Sajakna Chye
Posted on Maret 28th, 2007 ku rakeyan
Mun seug anjeun di dieu. Urang lunta mangprung jeung
angin ngalalar unggal péngkolan nyeuseup tingtrim kota
Batu ngalinjing ketug duaan. Ah, rangkulkeun sagala daya
dina mangsa diri nyangsaya
Mun seug anjeun di dieu. Meureun pacantél réma mapay
tincakeun. Diri salawasna balilu sab angkara ngaduruk
sukma. Soanten nu ngagalindeng agem nyecepkeun haté
nu réhé
Mun seug anjeun di [...]
No Comments »
Filed under: Sajakna Chye
Posted on Maret 28th, 2007 ku rakeyan
Poé ieu jadi ciri
Sajorélat sapasang haté paturay. Cantélan réma
lalaunan laleupasan. Belesat kilat niruk soca nu alum
Hayang teuing ngeureunkeun waktu nu ngabelesur
Â
Poé ieu jadi tanda
Harepan nu diuntun ingkeun sina mancawura
Sab momot sukma lir batu Bilal nu ngentobkeun
dada. Minangsaraya wungkul ka Nu Wisésa
Â
Poé ieu jadi taun
Taya hartina itungan detik. Unggal teuteupan bet
malik neuteup. Unggal ambekan [...]
No Comments »
Filed under: Gerentes, Sajakna Chye, Wirahma kecap