Ngaji dina Dalingding
Duh indung … ngaraksa ngajaring anak
Najan rungsing matak pusing
Heunteu weleh deudeuh mikanyaah asih
Dimongmong jeung dititimang
Duh indung 2x
Ngaping ngadama-dama anak
Ngamumule buah hate
Ngajungjung tur ngagung-ngagung
Anak dijieun puputon
Duh indung 2x
Timang titi ngamongmong anak
Duh indung … aduh indung
Teu kendat ngadudu’a
Duh indung mun peuting ngajempling nyaring
Mun beurang osok hariwang
Keukeuh heunteu jongjon ku puputon gawe
Ngahegak ngagegebrag
Duh indung peuting ngahariring nyaring
Lain hariring [...]
No Comments »
Filed under: Gerentes