Nu Jadi Bapa (2)

‘Kumaha Yud, damang ?”, saur Bapa barang ningali kuring satutasna kuring nyium panangan anjeuna, ‘Allhamdulillah Pa, kumaha Bapa teh naon anu karaos, mani paranas kieu”, ceuk kuring bari napelkeun leungeun kana tenggek Anjeuna anu masih ngagoler dina Kasur. “Enya kamari peuting ngawitan karasana mah, jol ting sariak terus … kajamban wae miceun aya kana 10 [...]

Nu Jadi Bapa (1)

Poe Juma’ah kamari aya wawaran tinu jadi adi yen Bapa ti Cicalengka teu jadi ka Bandung, da ngadadak karugrag cenah mah keuna diare, atuh asa reuwas da di erong teh poe sabtuna bakal panggih ka ondangan tatangga di lembur matuh baheula, ari nu datang beja nu matak ngagetkeun.
Pe Sabtu antukna anu ka ondangan ukur nu [...]

Muga Can Lekasan …

Kamari dina wanci nu ayeuna lir layang nu kapakan,
Mangsa-mangsa lambar lalakon keur sumedeng rohaka,
Aya gaur nu ngaguruh dina angen-angen : ‘AING Lalaki nu bakal mobros gunung meulah sagara niruk jajantung langit’,
Datang hiji waktu lir sumilirna bayu janari nu nyecep kana jeroning lengkob ati, nu ngalumpuhkeun mamaras mangsa, nu muka katuna diri jeung kahengker badan
Saestuna hirupmah [...]

Kanggo nu tepang taun

Tepung taun / sorog

Jajar lilin ting karetip
Milang taun ngatur hirup
Puh ditiup pas catetan
Dirampas imut jeung du’a kawilujengan

Wilujeng … 2x, tepung taun keur anjeun
Mugia … 2x, apanjang apunjung

Dinten bagja moal lami
Diluhuran asih gusti
Bray harepan … bray kabagjaan
Masing manjang karahmatan salalamina

Lambar-lambar kahirupan
Natrat tembong jeung lalakon
Suka duka silih ganti
Payus pikeun pieunteungeun jalan sorangan

Diduakeun [...]

Nyoreang Panineungan

Kalakay gupay

Wilujeng angkat deudeuh
Teu kedah ngumbar tibelat
Da ci soca moal saat-saat
Teu kedah ngumbar kawaas
Da ngangres mo laas-laas
Urang luaskeun ku ikhlas
Di jajapkeun ku sewu mamanis
Tanpa kecap pileuleuyan
Tanpa citangis marengan
Wilujeng angkat deudeuh

Kantenan kalakay gupay
Nu ngebat lebahpengkolan
Kantos leungit nurih ati, sakedapan
Ngalongkewang diri leungiteun puntangan
Hambar diri ilang tungkusan harepan
Sirna ilang mamanisna
Kantenan kecap papisah
Karaos mungkaskeun asih
Kantos nyeuit nurih [...]